Tuesday, January 27, 2009

SAMAGAHA



Basa poe senen tanggal 26 Januari 2009 jam 16.15 WIB aya kajadian anu mangrupakeun fenomena alam, nyaeta gerhana matahari dimana posisi bulan cicing diantara matahari jeung bumi nepikeun nutup sakabeh cahaya anu kaluar ti matahari. enyage bulan teh leuwih leutik tapi kalangkang bulan bisa nutupan kana cahaya matahari sabudeureunana kulantaran jarak antara bulan ka bumi kurang leuwih 384.400 kilometer leuwih deket daripada jarak matahari ka bumi anu ngbogaan jarak 149.680.000 kilometer.
salaku muslim ieu fenomena alam teh lain saukur di lalajoanan tapi leuwih ti eta urang geus di contokeun ku kanjeng nabi urang rosulluloh saw, yen geus di tetelakeun dina katerangan upama aya gerhana model kieu teh urang salaku muslim kudu ngalakonan opat perkara diantawisna :
1. ngado'a
2. Takbir
3. Solat sunat gerhana
4. Sodakoh
ieu fenomena teh euweuh patula patalina jueng hirup paehna manusa pedah dina sajarah harita basa putra na kanjeng nabi muhammad saw, anu wastana ibrahim ngantunkeun pas kaleresan aya kajadian samagaha atawa gerhana matahari. kumargi kitu kanjeng nabi negaskeun yen kajadian gerhana matahari teh euweuh patula patalina jueng pupusna putrana kanjeng nabi ku ngaluarkeun katerangan anu opat perkara tadi tea.